Haleuang hate
Haleuang kuring haleuang katineung
Diiring kacapi suling
Halimpu nyereset jeroning kalbu
Haleuang kuring haleuang katineung
Sorana ngagalindeng
Tibelat ka padumukan
Nu tos lami dikantun
Haleuang kuring haleuang katineung
Tanah sunda nu diteda
Mung aya jeroning dada
Jauh ti pangumbara
Haleuang kuring haleuang katineung
Lemah cai lohjinawi
Ngolebat dina impenan
Ngalengkah ku Bismillah...
Ngajurungken anaking migawe lampah kasab nu halal,
di jurung ku do'a kanu Maha Wening
miharep kalancaran jeung kamajuan.
Jung anaking sing gede hate , sing teteg pamadegan,
kudu someah sangkan meunang barokah
ngalayah baraya manjang rejeki .
Bral. . .geura ngalengkah!
Haleuang Peuting
Nyawang bulan dijemplingna peuting
Simpe jempe taya hariring
Mapaler ati nu kapirangrung
Ngayun-ngayun nu kapidangdung
Hiliwir lir matak ketir
Haleuang mawa harepan
Samar hamo kadongkang
Harepan ukur sawangan
Hambar raga ngalakonan
Naha iraha bulan rek nembongan
Mawa cahya nu bodas ngempray
Nyaangan peuting nu keur nogencang
Nuturkeun Hate
Naha kamana layung kuning
Nu biasa hibar nyaangan kuring
Kedah kamana abdi neang
Tayoh hate.. hoyong nepangan
Katumbiri nu sok mapaes ati
Taya beja taya iber ka diri
Girimis kiwari bangun ngageuri
Ngawawaas pikir asih kamari
Kasaha abdi nyaluuh
Kasaha nepikeun tunggara ati
Katumbiri taya nembongan deui
Layung koneng teu deui ngahibaran diri