bolokot
Bolokot
Datangna teu karasa
kawas impian janari
jiga nimat jiga sawarga
tapi lamun pajar geus peujar
karasa diri leuwih rutjah manan meri
inget ka basisir tempat balabuh
dimana layar geus rapuh
Dosa,
leuwih amis manan anggur
mun seug neumbag dada nu diabur.
tapi di mana tumiba lara
kaduhung poe make ditundung.
Duh gusti.
Najan kamana nya indit
dosa teu welwh ngukuntit.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar