Minggu, 20 September 2015

jungjunan



Wengi ngalangkung kajanari
Mapag impènan nu tos lami ngantosan
Jangkrik ngeucrèkan hariring angin
Tatabuhan simpè anu mirig igel panglamunan
Asa jauh panineungan
Pikiran kumalayang ngawawaas mangsa nu can kaliwatan
Ngampleng jauh ngalewihan lèngkah
Kadang mundur nyinyipta waktu kapungkur
Basa urang munggaran patepang
Jungjunan,,
Mun pareng ningali bulan
Bulan sapasi anu basa harita nyarengan
Cahayana nyaangan harepan urang duaan
Mugya manjang tug dugi jadi purnama
Jungjunan,
Najan ayeuna bulan teu datang nèmbongan
Cahayana aya dina hatè urang duaan
Moal pareum sanajan robahna jaman
Cahaya asih dina ridho Pangèran

Tidak ada komentar:

Posting Komentar